naon bedana pupuh jeung tembang
B. Daerah
dina1006
Pertanyaan
naon bedana pupuh jeung tembang
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Pupuh jeung tembang teh miboga sasaruan jeung pangbeda. Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Sedengkeun tembang nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan dan tembang.
Dina pupuh aya 17 rupa aturan atawa patokan. Patokan anu aya dina pupuh dibagi jadi dua kelompok, nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa patokan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh. Wawacan biasana sok ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.
Dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kukituna, pupuh mindeng disebut tembang. Jadi sering dianggap yen pupuh teh sarua jeung tembang. Pupuh anu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ngagunakeun leuwih ti hiji rupa temabang. Sedengkeun pupuh anu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ngagunakeun hiji rupa tembang wungkul.
Jadi, bedana pupuh jeung tembang nyaeta yen pupuh mah mangrupakeun aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Sedengkeun tembang mah nyaeta nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Tapi, kusabab dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa tembang, pupuh oge mindeng disebut atawa dianggap sarua jeung tembang.