B. Daerah

Pertanyaan

Beuheung lemesna...

1 Jawaban

  • Beuheung lemesna tenggek. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap tenggek saperti "Upami di kelas mah eta payung teh ulah dibuka, tuh dugi ka keuna kana tenggek pa Guru". Kecap tenggek biasa digunakeun dina basa Sunda lemes pikeun ka batur. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta rgam basa Sunda lemes jeung ragam basa Sunda kasar atawa loma. Dina basa Sunda lemes aya dua rupa, nyaeta basa Sunda lemes pikeun diri sorangan jeung basa Sunda lemes pikeun ka batur.

    Conto kalimah anu ngagunakeun kecap beuheung "Ari di kelas mah eta payung teh ulah dibuka, tuh nepi ka keuna kana beuheung Amir". Conto kalimah anu ngagunakeun kecap beuheung, anu ngagunakeun basa Sunda lemes pikeun ka diri sorangan nyaeta saperti "Upami di kelas mah eta payung teh ulah dibuka, tuh dugi ka keuna kana beuheung Simkuring". Kecap lemesna beuheung pikeun ka diri sorangan nyaeta sarua beuheung.

    Jadi, sabenerna mah lemesna beuheung teh bisa sarua jeung tenggek atawa beuheung. Tenggek nyaeta basa Sunda lemes pikeun ka anu saluhureun atawa ka jalma anu dipikahormat. Sedengkeun lemesna beuheung pikeun ka diri sorangan atawa ka jalma anu sahandapeun nyaeta sarua jeung beuheung.

    Sacara resmi, ragam basa Sunda anu lemes disebutna Ragam Basa Hormat / Lemes, sedengkeun ragam basa Sunda anu lemes disebutna Ragam Basa Loma. Aturan anu ngatur hal-hal anu aya patalina jeung ragam basa Sunda eta disebutna Tatakrama Basa Sunda.

Pertanyaan Lainnya