B. Daerah

Pertanyaan

wawancara dina basa sunda

1 Jawaban

  • Tugas Bahasa Sunda “Wawancara”
    “WAWANCARA”



    Tujuan : Nganyahokeun yen tingkah laku budak jaman ayeuna teh kos kumaha.

    Narasumber

    Ngaran : Drs. Sihabudin

    Umur : 55 tahun

    Alamat : Kp. Bojong Kiharib Cigombong-Bogor

    Profesi : Guru Agama



    Tempat jeung waktu wawancara

    Tempat : Rumah pa sihab di bojong
    Waktu : Dinten salasa kaping 15, Sasih Juni 2010


    Tanya :“Assalamu’alaikum?

    Jawab :“Wa’alaikum salam wr.wb. sok mangga kaleubeut!!”

    Tanya :“Muhun pak hatur nuhun”.

    Jawab :“Aya naon kitu seseeuran ka bumi bapak.?”

    Tanya :“Punten pa, migi abdi bade wawancara.Aya tugas basa sunda kumargi bapa nuju rengse,wios abdi wawancara bapa ?”

    Jawab :“Teu sawios neng? Sok pami bade tumaros mah, insya allah waler.”

    Tanya :“Abdi bade wawancara nu aya kaitana sareng tingkah laku budak jaman ayeuna. Kumargi bapa pan guru agama nya rada pas anu aya kakaitana sareng ieu topik”.

    Jawab : “Nya sok wae lah bade wawancaramah!”

    Tanya :“Nya pak, ku abdi bade di mulai pa, nami lengkap bapa saha? Upami bapa asli mana pa? gaduh caroge baraha pa? teras gaduh putra baraha?”

    Jawab :“Nami bapa Sihabudin, bapak asli ti Cirebon, atos gaduh carogemah 1, sareng gaduh putra 2.”

    Tanya :“Padamalen bapa salain janten guru agama janten naon pa?”

    Jawab :“Janten ustadz / guru ngaji.”

    Tanya :“langsung we nya pa kana topik anu bade di taroskeun”.

    Jawab :“Sok atuh mangga”.

    Tanya :“Kumaha pendega bapa tentang kalakuan budak jaman ayeuna?”

    Jawab :”Heunteu Leres ! Ku sabab barudak jaman ayeuna kirang peduli “kana dirina sorangan”.

    Tanya :“Faktor naon wae anu ngaruh kana tingkah laku budak jaman ayeuna?”

    Jawab :“Faktor lingkungan, Faktor lingkungan kulawargi, Faktor lingkungan sosial, Faktor lingkungan media”.

    Tanya :“Menurut bapa kamajuan teknologi ngaruh teu kana tingkah laku abrudak jaman ayeuna?”

    Jawab : “100% ngaruh pisan”.

    Tanya : “Naon sababna pa?”

    Jawab : “Kusabab heunteu ngagaduhan akhlak”.

    Tanya :“Naon wae anu kudu dilakukeun ku Ibu rama sangkan anak-anakna heunteu kapangaruhan kana pargaulan bebas ?”

    Jawab :“Ngadidik sareng nyegah ku bener-bener, Ngabina budak ku agama”.

    Tanya :“Akibat naon wae anu di timbulkeun ti kalakuan anu bebas pisan?”

    Jawab :“Loba…….. Kedul ngapalkeun tuluy kedul belajar, bahasana kirang sopan sareng dangdanan kirang sopan”.

    Tanya :“Panginten pargaulan jaman ayeuna sesuai teu sareng ajaran agama Islam?”

    Jawab :“Seueurna heunteusaluyu sareng ajaran agama Islam.”

    Tanya :“Hal naon wae anu nunjukeun gorengna kalakuan budak ayeuna?”

    Jawab :“Kalakuan anu heunteu luyu jeung sopan santun jeung tatakrama.”

    Tanya :“Gorengna kalakuan budak ayeuna ngaindikasi keun kiamat tos deukeut ?”

    Jawab :“Jelas, leres”.

    Tanya :“Tiasa di contokeun teu pa?”

    Jawab :“Tingali we lalaki sareng awewe teh geus tibalik. Awewe nganggo anggoan lalaki kitu deui sabalikna”.

    Tanya :“Naon dampak positif ti moderenisasi?”

    Jawab :“Teu aya, iwal jalmi anu ngarti kana agama”.

    Tanya :“panginten Kumaha cara bergaul anu luyu sareng ajaran agama islam?”

    Jawab :” Kedah tiasa ngabedakeun mana anu bener jeung mana anu teu bener”.

    Tanya : “oh kitu nya pa?”

    Jawab :”Muhun saleresna kitu …”

    Tanya :”Mung sakitu wenya pa, Hatur nunuh kanggo waktos na hapunten bilih aya kalepatan”

    Jawab :”Muhun sawangsul na”

Pertanyaan Lainnya